Tugas bahasa adalah Kumpulan Puisi, Cerpen, Novel, Bahasa Sunda dan lain lain


Senin, 21 Oktober 2019

Carpon (Carita pondok) dengan judul HAPE Karangan : Geugeu Muginastiti

| Senin, 21 Oktober 2019




HAPE
Karangan : Geugeu Muginastiti

Saha anu teu bungah atuh mun boga hape mah. Mun hayang kontak jeung batur teh ngan kari mencet nomerna. Kitu deui mun nanyakeun jawaban pe-er ka batur sakelas, teu kudu ngingkig ka imahna, cukup make hape wae. Atuh mun hayang ngirit pulsa, nya kari ku SMS. Praktis jeung babari.
Kiru anu kaalaman ku Manik sanggeus boga hape. Saenyana geus lila hayangeun boga mah, ti keur di kelas genep SD keneh. Mindeng pisan ngarengik ka mamahna, tapi tara digugu.
“Geuning Aa ge ku Papap dipasihan hape,” omong Manik ka mamahna. Anu dimaksud AA teh lanceukna.
“Ari Aa mah tos di SMA apanan,” walon mamahna.
“Naon benteuna sareng abi, da sami-sami keneh sakola,” Manik keukeuh nambalang. Manehna mah ngabasakeun diri teh abi, maksudna mah abdi.
“Pokokna Manik mah moal waka dipasihan hape. Titik. Masing nyungkeun ka Papap ge, angger moal dipasihan.”
“manik merengut. Tadina mah rek terus ceurik, ngan mereun ngarasa era, da sok disebut geus gede.
Lain sakali, lain dua kali Manik menta hape teh. Tapi jawaban mamahna keukeuh wae kitu, teu beunang diongget-ongget. Kitu deui waktu menta ka papapna, sarua teu ditedunan.
Tapi ahirna mah kahayang Manik teh laksana. Waktu mimiti asup ka SMP, Manik ku bibina dibere hadiah hape.
“Keun wae nya, Nik, hape tilas ge,” omongan Bi Maya.
“Wioa atuh, Bi,” Manik gancang nembalan. Cek dina pamikiranna, masing enya ge hape urut, tapi da alus keneh, jaban potonganana tacan tinggaleun jaman.
Nya ti harita Manik boga hape teh. Ka mamana tara leupas ti hape. Malah ari sare ge tara jauh tina anggelna.
“Kade, ari di kelas mah ulah teteleponan,” cek papapna.
“Moal atuh, Pap, da bilih dirampas ku Pa Guru,” tembalna.
“Sanes ukur ngelepon, maen gim oge teu kenging,” AA Lingga, lanceukna, milu nyarita.
“Muhun, da abi ge terang. Upami nuju di kelas mah hapena oge sok dipareuman. Rerencangan oge sami kitu, da,” omong Manik.
Keur anyaran boga hape mah, meusmeus nelepon. Pedah teu bisa gancang balik lantaran hujan, Manik buru-buru nelepon ka mamahna. Padahal elat mulangna ka imah teh moal leuwih ti satengah jam. Geus puguh deui ari jeung babaturan sakelasna anu pada-pada boga hape mah, Manik remen teteleponan, atawasakurang-kurangna silih kirim SMS.
Tapi lila-lila mah manehna karasaeun yen kitu peta teh matak hambur pulsa. Karek dieusian lima poe, padahal keur dua mingguen. Kapaksa wae kudu nyengsarkeun duit jajan. Anu tadina rek dipake ngabaso, duitna jadi dipake meuli pulsa.
“Atuh ulah teteleponan wae. Irit-irit pulsa teh,” cek mamahna.
“Muhun, Mah,” tembalna.
Hiji poe, waktu balik ti sakola, sabot manehna ngadagoan angkot, hape anu aya dina jero tas sakola teh ujug-ujug disada, tandana aya anu ngontak. Gancang dikodok, terus dibuka. Tetela telepon ti Anggun, batur sakelasna. Maksudna mah ngabejaan yen engke sore rek nyampeur, ngarah bisa bareng indit ka tempat latihan Pramuka.
“Tabuh opatnya, Nik. Manik kedah antosan Anggun.”
“Muhun, mangga. Abdi bade ngatosan…”
Tah, tacan ge Manik anggeus nyarita, teu kanyahoan aya budak lalaki kira-kira sapantaran jeung Aldi, putra Bi Maya, anu karek kelas tilu SD, lulumpatan ngudag langlayangan. Lumpatna teh ka gigireun Mani pisan. Teu nenjo tincakeun, jeung teu nolih kendaraan aku keur pasulabreng, eta budak teh ngaberengbreng rek meuntas jalan, bari sirahna angger tanggah kana langlayangan. Sabot kitu, ti beulah wetan aya motor mengpeng, meped ka sisi.
Teu mikir dua kali, eta budak teh ku Manik gancang ditongtak leungeunna. Cekiiitt… Motor dierem, tapi teu ereun sakaligus, da puguh majuna keur tarik. Budak teh terus labuh, tapi lain ku sabab kadupak motor. Labuh soteh dumeh ditongtak ku Manik satekerna.
Anu araya di dinya tingjarerit, da disangkana budak teh cilaka. Tapi sanggeus kanyahoan teu nanaon mah, bari motorna geus maju deui, eta budak pada nyarekan. Manik boro-boro hayang nyarekan, da anu puguh mah reuwas kareureuhnakeun. Geus kitu mah eta budak teh terus we lumoat deui ka jero gang.
Karek wae Manik sadar yen hape anu keur dipakena nelepon teh ngacleng ka jalan, waktu cikeneh manehna nongtak budak anu rek katabrak motor. Gancang dicokot. Barang diilikan, waduh, eta hape teh beulah jeung langsung teu kontak.
Mun teu era lantaran loba jelema mah, karepna Manik rek sahing-hingeun ceurik. Antukna manehna ukur bisa ngahuleng.
Waktu geus datang ka imah, kajadian anu karandapan ku manehna gancang dicaritakeun ka mamah jeung papana, abri ceurik. Ceurik soten dumeh hape anu sakitu dinangna-nengnena, ayeuna rusak teu beunang dipake.
“Keun wae atuh, Nik. Teu pira ge hape. Mu teu kitu, pasti budak anu keur ngudag langlayangan teh katabrak motor,” cek papana.
“Tapi apan, Pap…., ayeuna Manik …. Janten teu gaduh hape,” pokna bari angger lewa-lewe.
“Keun, sasih payun ku Papap digentosan,” cek papapna deui.
Manik tanggah neuteup ka papapna. Tapi, dina juru paninna mah masih keneh aya cipanon anu ngagenclang.

Related Posts

Tidak ada komentar:

Posting Komentar