Halo, saya akan menulis sebuah Cerita berbahasa sunda, yang biasa disebut Carpon (Carita pondok) atau dalam Bahasa indonesia Cerpen (Cerita Pendek) dengan judul BENI BALAKBAK Oleh Kustini Maskar
.
BENI BALAKBAK
Oleh Kustini Maskar
Wanci janari kadenge sora kedepruk sapatu nu keur lalumpatan. Sorana ngaguruh
bakating ku loba. Unggal poe Minggu prajurit sok olah raga lumpat ngaliwat ka
hareupeun imah kuring. Tapi ayena mah ngawihna beda ti sasari. Sora pupuh
Balakbak tapi iramana mars.
“Aya warung sisi jalan rame pisan, hey!” cek nu mingpin. Tuluy diturutan
ku anggota barisan. Sorana mani handaruan. Sora lalaki wungkul atuh. Kayungsun ku
disiplinna, nurut ka komandan. Sora sapatu mani bareng kedeprukna teh. Awakna ampir
rarempeg, dedeg, ngareusi. Sedeng buta tulang buta daging.
Rasa inget ka murid nu sok resep ngawih pupuh Balakbak nyaeta Beni. Padahal
ari ngajarkeun mah sababaraha pupuh di antarana Kinanti, Asmadandana, Sinom,
Maskumambang, Pucung, Mijil jeung sajabana.
Ari barudak nu sejen mah gunta-ganti ngawihna teh, kumaha dititahna bae.
Tapi ari Beni mah ngong eta deui, ngong eta deui. Mun Beni ka hareup teh.
“Pasti Balakbak,” barudak raong. Beni mah kalem we. Na ari nong teh enya
bae Balakbak. Sok seuri dina hate mah. Eta kitu pedah pondok? Kuring teu rea
omong. Atuda bisa kitu ge ladang cape Beni mah.
Ti barang asup ka kelas hiji ngawulang Beni teh. Kabeneran katuturkeun. Basa
ngamimitian ngabsen sakur nu disebut ngaranna ngacungkeun leungeuna. Tapi barang
nyebut ngaran Beni taya nu ngacung.
“Beni!” sakali deui nagranna disebut bari liak-lieuk.
“Itu Bu, Beni mah,” cek salah saurang murid. Nu ditunjuk diukna ajeg
ngorendang tas. Topi naplok nuruban tarang. Biwir balem. Leungeuna sidakep. Ku kuring
disampeurkeun.
“Leres ngaran hidep teh, buku sareng patlotna. Urang diajar nyerat.”
Barudak nu sejen gandang ngaluarkeun buku tina tasna. Tapi Beni teu teu
galideur. Tasna angger na tonggong.
“Beni teu gaduh buku hentau? Cik Ibu ningali.”
Tasna dilesotkeun tina tonggongna. Barang dibuka.
“Euleuh geuning mani dua bukuna oge sareng karandel deui. Jaba tos
dinamian tuh Beni Faisal, kenging saha ieu teh, Mamah?” Sirahna ungguk.
“Kaluarkeun nya Beni bukuna, eungapeun dikerem bae dina tas teh. Tuh patlotna
oge jejeritan hanyangeun dikaluarkeun. Sok cepeng geura!”
Patlotna dicekel tapi teu dituliskeun.
Unggal poe kuring nagkod na tonggongna mapatahan nulis jeung maca.
“Leuleuskeun pananganan!” cek kuring. Enya we leleus teu diobahkeun.
Di kelas opat macana can lancar. Lamun maca teh teu nolih koma, peun,
ngaguluyur we. Lamun dititah ka hareup kesangna renung dina tarang, bajuna
cipruk baseuh na tonggongna.
“Bani, naha hidep mah dititah maca teh kawas nu tas bapal lumpat?”
kuring ngahereuyan. Manehna alangah-elengeh. Beh dieuna mah mun aya nu kudu
dibaca teh sok nawar hayang ku manehna. Antukna mah lancar macana teh.
Di kelas lima karespna kana pupuh Balakbak nepi ka nelah Beni Balakbak. Teu
ngambek disebut kitu teh. Basa manehna jadi juara lumat sakacamatan ku kuring
dihatean.
“Piraku teh meunang Ben, eta bitis oge mani paranjang kitu. Pantes pisan
Beni mah mu isukan jadi tentara teh,” cek kuring.
Barudak sareuri. Tuluy ti harita lalandianna nambahan jadi Beni ABRI. Angger
teu ngambek, kalem we.
Basa kuring keur nyebor kembang bari moyan kadenge deui sora nu lumpat
kawas tadi janari. Rek marulang ka tangsi.
“Aya warung sis jalan rame pisan, hey…!” komandanna nhawih kawas tadi.
Breng diturutan.
Kuring cengkat. Keur kitu barisan dieureunkeun.
“Hadap kanan… grak!” cek nu nhomando.
Barisan malik jadi nyanghareup ka kuring. Teu lila aya komando
ngahormat. Cek pikir teh ngahormat naon atawa saha? Kuring luak-lieuk sugan aya
deui, tapi teu aya deui batur salian ti kuring nu ngajanteung bari hookeun.
Kuring nempoan komandanna. Ret breh bae teu samar deui, sanajan awakna
geus jangkung gede, topi nuruban tarangna kawas baheula. Beni! Hate ngagorowok.
Belenyeh Beni nyerengeh ka kuring, sirahna unggeuk. Leungeunna diacungkeun. Tuluy
ngomongna sangkan barisan lumpat deui. Sajongjongan kuring ngahuleung. Jadi bieu
pasukan teh naghormat ka kuring kitu?
Kawasna mah nu sejen moal nyahoeun maksudna ngahormat palebah dinya. Nurut
soteh duneh dikomando. Tapi kuring ngarti. Geuning aya keneh tatali batin nu nganteng
antara kuring jeung Beni.
Sanajan geus lawas teu tepung, leungeuna nu bareto leuleus dipake nulis
ayena mah keker.
Muga-muga wae Beni sing soleh, enggoning babakti ka nusa jeung bangsa
teh. Tuhu satia kana pancen. Tata ka pamingpin, nyaah ka rakyat. Geuning Beni,
lalandian Beni Balakbak jeung Beni ABRI teh napel dina diri hidep.
Sora sapatu jeung kawihna pupuh Balakbak kari hawar-hawar. Hate asa
ngangres awor jeung rasakareueus nu moal kaharti ku batur, tapi karasa dina
dada.
Mangle
No 1921
Tidak ada komentar:
Posting Komentar