Halo, saya
akan menulis sebuah Cerita berbahasa sunda, yang biasa disebut Carpon (Carita
pondok) atau dalam Bahasa indonesia Cerpen (Cerita Pendek) dengan judul MARNI
oleh Dadan Sutisna.
MARNI
Lampu setopan beureum keneh.
Sora-sora di parapatan, saperti sasari, taya robahna. Gorowokna pengamen,
ngalengisna nu baramaen, awor jeung renghapan manusa-manusa nu keur ngadu nasib.
Beulah kenca, hiji nini-nini ngalungsar bangun teu walakaya. Leungeunna
nyekelan rantang, diasongkeun ka lebah jajalaneun. Cacakan lamun eta nini-nini
tanggah, manehna tangtu bakal mireungeuh hiji awewe make saragam SMU anu keur
ngalendean taktak, taktak kuring.
“Rekamannya kapan, Mas?” sorangan nu
semu ogo ngaliwat kana ceuli kenca.
“Ntar dulu, kita nunggu keputusan
pencipta lagu. Kita kan belum tahu lagu apa yang akan diunggulkan?” pok teh,
bari ngasupkeun kaset Backstreet Boys kana tape mobil.
“Tapi cepetan dong, Nuri pengen
cepet-cepet tampil di televise,”
“Ya musti sabar, atuh!”
Lain, lain dihaja. Ukur miceun
paneuteup bae, pedah panon karasa cangkeul dipake nempo nu keur
gumrang-gomreng. Jeung sasarina ge sok kitu, lamun keur mawa mobil, parem lampu
setopan beureum, sok ngadon rarat-reret.
Heunteu ujug-ujug ngareret ka lebah
dinya. Mimitina nitenan polisi, tuluy ka tukang becak nu seseledek hayang
panghareupna. Tah, basa tikang beca geus ka hareup, ka gigireun aya mobil
Feroza. Ukur ditenpo saliwatan tadina mah. Teu ngahaja-haja nelek-nelek nu
tumpakna. Ngan basa kaca eta mobil dibukakeun (kawasna mah nu tumpakna ngarasa
hareudang), kareret aya mojang lampanyat diuk gigireun lalaki kolot nu keur
nyupiran. Dangdanan super modis . Nu sidik teh, stretna merecet nyitak awak. Bengeut
dipulas makeup, rada kaleuleuwihi. Biwir burahay, buuk ngarumbay panjang.
Sakedapan mah dipencrong, teu
ngiceup-ngiceup. Samemeh boga kacindekan, boa manehna the Marni. Moal, moal
salah tetenjoan. Inget kana cureuleukna, kana dancunitna. Teu katitenan, naha
manehna oge nempoeun, atawa henteu. Nu eces, bengeutna bet mulangkeun
paninengan, kana kajadian sababaraha waktu ka tukang.
Marni, marni Desmayanty Marwah,
ngaran anjen. Kuring kungsi apal, naha eta the ngaran asli, atawa sesebutan
bae. Nu eces, ari Marwan mah jelema nu sok mamawa anjena, lin? Anu ngomong
jeung paripolah kawas awewe. Nyaho soteh, pedah loba parawan sasama anjeuna,
anu pacabakanana sarua jeung anjeun, ngaran tungtung make Marwan.
Boa anjeuna mah geus poho deui,
malum waktu kasungkeret show jeung event. Bada munggaran urang tepung the di
redaksi Woman Magazine. Di rohangan anu kacida mewahna keur ukuran majalah. Lain,
lain rek ngahaja rek nepungan anjeuna. Ukur ulin wae, pedah boga kawawuhan anu
sapropesi, digawe di eta majalah.
Ngan sabada nempo tangungan anjeuna,
bet jorojog hayang gawawukan. Ongkoh geus jadi kawajiban kuring apan, neangan
news maker teh. Sok sanajan, nilik sareat, anjeuna mah can bisa diasupkeun ka
eta golongan. Tapi kuring keukeuh hayang ngobrol jeung anjeuna, hayang
ngawawuhan.
Tapi teu sagawayahna geuning, hayang
paguneman then wantuning anjeuna mah aya nu ngaping. Lalaki anu ngomong jeung
paripolah siga awewe tea. Anu ngaranna Marwan tea. Unggal kuring nanya, apan
sok kalah manehna nu ngajawabna the, lain anjeuna.
Ti Marwan kuring apal, umur anjeuna the
18 taun. Sakola nepi ka SMU. Padumukan di Tasikmalaya. Ancrub kana dunya model,
ti barang kaluar sakola. Kitu oge lain cita-cita ti keur leurik, tapi ukur
kabeneran. Harita anjeuna sabalad-balad keur sukan-sukan di kaefe bari
ngarumpi. Kaperego pisan ku Marwan terus bae diajakan pentas mode, pedah awak
anjeuna mah sumpulur jeung lenjang. Dalah kuring sorangan, bisa meunteun lamun
anjeuna nyumponan sarat jadi potomodel. Unggal bagian awak anjeuna boga “nilai
plus”.
“Namanya memang komersil. Kecantikannya
pun dapat dikomersilkan,” ceuk Marwan.
Piraku, piraku anjeuna tepi ka poho.
Harita Marwan terus ngecewis. Nyaritakeun anjeun, nyaritakeun kahirupan.
Wallohualam, kuring teu kungsi yakin, naha anu dicaritakeun ku manehna teh dumasar
kana kanyataan, atawa ukur jijieunan bae. Ngan anjeun mah terus unggut-unggutan.
Kuring ge heran, naha Marwan bisa
ngajawab hal-hal anu aya patalina jeung pribadi anjeun. Atawa rengkak paripolah
anjeun mah geus diatur ku Marwan. Nu eces, dina tape-recorder anu ku kuring
diasongkeun, anu kadenge teh ukur sora Marwan nyorocos, malum biwirna kawas
awewew. Teu ngaleuleungit ketang, aya sakalimah. Kitu oge matak hese ngadabena.
“Bagaimana kesan adik selama jadi
potomodel?” harita kuring nanya. Marwan melong anjeun, nitah ngajawab ti dituna
mah. Ngahaja nyarita teh make Bahasa Malayu, da nu mamawa anjeuna mah, sok sanajan
beungeut Sunda, teu bisaeun basa Sunda. Atawa pedah aya di redaksi majalah anu
keur meujeuhna top di antara rumaja?.
“Kesannya, gimana ya. Biasa-biasa
aja, tuh?” ukur sakitu anu kedal the. Teu kurang teu leuwih. Tapi geus cukup
keur kuring mah. Sora anjeuna oge halimpu. Moal pogog lamun dibisniskeun.
Ngobrol aya satengah jamna, henteu
karasa. Kapaksa urang paturay, da anjeuna kaburu dicalukan ku fotograper Woman
Magazine. Samemehna anjeuna mere dua potret jeung hiji kartu nama. Kitu oge
sabada dikuruhit, satengah dipaksa. Ningal potret anjeun, munasabah lamun
kuring istigfar sababaraha kali. Cacakan budak keneh mah, anjeun geus nyieun
poseu anu wani teuing. Nu hiji, potret di kolam renang. Nu hiji deui,
dipangsarean. Teu kudu dicaritakeun, kumaha posisi anjeun dina eta potret. Angeun
pasti inget. Pasti.
Lawas teu tepung jeung anjeun teh. Saprak
panggih jeung ngawawancara di Woman Magazine tea. Beubenangana, ku kuring geus
dibikeun ka resaktur se;ebritis, geus dimuat malah. Potretna, anu pamere anjeun
tea. Sok sanajan ku rekayasa heula da aya kesan vulgar jeung ngajurus kana
pornografi. Anjeun oge nyaho mereun, masyarakat mah (di antarana) keur
meujeuhna nyatru jeung pornografi teh. Majalah tempat kuring digawe, geus
sababaraha kali meunang tegoran. Ti pamarentah jeung ti nu maca. Nu matak,
munsabah lamun ayena rada apik teh.
Hayang, hayang tepung pisan jeung
anjeun teh. Ngan kudu ka mana neanganana. Ongkoh kuringna euweuh waktu deuih. Tepi
ka hiji mangsa, kuring nempo potret anjeun dimuat dina hiji majalah. Teuing majalah
nanahaon, asa kakara nempona oge. Ngan anjeun mah mani wanian pisan. Pose anjeun
matak ngahudang birahi saha wae anu nempo. Kuring yakin, anjeun dihucuhkeun ku
majalah jeung tabloid anu payuna lantaran ngajual orat. Sabaraha atuh bayaran
anjeun teh, nepi ka luas kikituan?
“Ini sudah menjadi resiko saya,
sebagai fotomodel,” ceuk anjeun dina eta majalah. Asa manglebarkeun. Naha atuh
anjeun teu ngagugu ka Si Marwan.
Kajurung ku panasaran, isukan kuring
ngabiur ka Tasikmalaya. Alamat anjeun diaprak, dipapay-papay.
“Sumarni kitu?” ceuk tukang warung,
di hiji pakampungan nu teu pati jauh ti kota.
“Sanes, Marni ieu mah. Marni
Desmayanty!”
“Sumuhun da teu aya,”
“Tapi alamatna mah leres?”
“Leres. Cobi k palih ditu, da ibuna
mah sanes asli urang dieu.”
Di sejen tempat.
“Da alamat ieu mah bumi Sumarni,”
ceuk tukang ojek.
“Tapi leres sok ngiringan model?”
“Duka tah, mung sok seueur we urang
kota nu nyrandak mobil kadieu,”
Anjeun moal nyaho, harita kuring
terus nyusud imah Sumarni. Henreu jauh, ukur kahalangan ku dua pengkolan ti
pangkalan ojeg teh. Anjog ka hiji imah, leutik jeung katara langka diurus,
nyampak lalaki tengah tuwuh keur narokan suluh.
“Leres kitu ieu teh bumina Marni?”
“Aeh, sumuhun, manga kalebet.”
Ngaranjugna oge aya dua kalian. Dina
tembok nu geus hawuk teh aya potret anjeun. Keur make saragam SMU. Keur kitu
aya awewe ngurunyung. Katangen bangun nu era naker.
“Bade ka marni?” ngomongna semu
ngadegdeg. Ukur dijawab ku unggeuk.
“Aduh, da Marni the tos parantos
dicandak ku pameget!”
“Ku carogena?”
Kalah dijawab ku seuri, seuri maur. Kuring
teu bisa ngabade, naon pihartienana.
Henteu kungsi lila nganjang ka imah
anjeun teh. Henteu kaburu nginum-nginum acan, da henteu disuguhan deuih.
Anjeun moal apal, ku naon pangna
harita kuring nyusul-nyusul. Sabenerna, lain saukur hanyang panggih, lain
saukur hayang neruskeun hanca wawancara sababaraha waktu ka tukang. Satadina,
anjeun teh rek ditepungkeun jeung dunungan kuring nu anyar. Anjeun mah moal
nyaho, lamun kuring geus pindah gawe, lantaran majalahna bangkrut kurang modal.
Ngan untung anjeung mah hade milik. Henteu
goring nasib kawas awewe-awewe anu kungsi ditepungkeun jeung dunungan kuring,
kaasup Nuri, anu keur nyangsaya dina taktak.
Ayena, urang teh patepung deui. Ngan
anjeun mah biheung nangena kuring. Ngan kapaksa bae lalakon teh dipungkas samet
dieu, sabab mobil Feroza nu ku anjeun ditumpakan kaburu nyemprug sabada lampu
setopan hejo deui.
Sabot ngoperkeun perseneling,
handphone dina saku disada.
“Diki, langsung saja bawa ke hotel
yang biasa,” ceuk nu nyarita dina handphone.
Henteu kungsi dijawab. Kuring terus
nincak gas satrikna.
Saung
Pangreureuhan, 1999-2000
Mangle
No. 1749
Tidak ada komentar:
Posting Komentar